Minggu, 04 Juli 2021

BENTROK JEUNG TUNDUH

 BENTROK JEUNG TUNDUH

 

B eurang mejehna kasore

E ta padamelan teu aya seepna

N alika kudu tuluy gawe

T api ieu mata mani rupa

R upana tos hayang sare

O ngkoh tetep kudu ka sakola

K itu gawe kuring sapopoe

 

J iwa jeung raga jiga tos pati cape

E h kapala sakola tos dugi ka sakola

U ntung aya ojeg bisa dibayar engke

N undutan oge da kudu dipaksa

G awe di sakola dugi ka sore

 

T uluy kuring poho kana alat nu dipake

U h kieu mah kuring kudu balik imah

N eangan heula alat eh aya dina bale

D urugdug deui kuring indit ka sakola

U sap kesang da puguh cape

H ate mah sabenerna hayang sare heula

 

Cip: sugiri

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda