BAKAKAK BUKUKUK BAKEKOK
BAKAKAK BUKUKUK BAKEKOK
B akakak ge da nangkarak
A ri nangkuban mah bukukuk
K itu oge eta mah hayam anu dipanggangna
A ri embe mah nu dipanggangna jadi sate
K itu oge lamun aya embena
A ri teu ayamah embena naon jadina, bakakak henteu bukukuk
lain
K itu bedana hayam jeung embe teh
B ukukuk mah mung istilah
U rang nyebut kitu teh da bakakak mah jarang ditangkubkeun
K atawis lamun aya bakakak kacida ngenahna
U rang sok babarengan dahar bari sanguna tina pare anyar
K omo mun aya sambelna nu medok tur pedo
U rang jigana teu hayang eureun daharna
K itu oge lamun boga hayam eujeung beas anyarna
B akekok teh lamun urang muka turub saji
A latan nuju lapar-laparna
K acida kagetna ningali barang dahareun
E h bakekok teh teu aya naon-naon
K umaha ieu kumaha hayang dahar teu aya naon-naon
O ncom teu aya, tahu teu aya, nanaon teu aya
K apaksa kuring dahar mung sangu eujeung uyah hungkul
Kitu oge syukur alhamdulillah, batur mah boro-boro dahar
sangu oge teu boga
Karya: Sugiri
Tema: ekonomi jaman baheula
Februari 18 - 2018


0 Komentar:
Posting Komentar
Berlangganan Posting Komentar [Atom]
<< Beranda